Wiwitan Abdi Ti Dalem Sawidak Sukapura

Ditulis ku: Oos Supyadin (Turunan Dalem Sawidak Nu Ka-10)

yayasan-snr.or.id – Para sepuh kapungkur nalika masih jumeneng malihan pun biang nyalira osok nyarioskeun yen aki guru R Atmasasmita teh turunan Dalem Sawidak, pun kitu pun paman mang Uta oge sami ngiatan eta cariosan. Salaku turunan anjeunna hal anu wajar pami pribados dugi kairaha sareng kamana bae oge seja nyucruk nu janten karuhun.

Alhamdulillah, ku ayana WAG Buyut Madlamri salain ti ngaraketkeun silaturahmi anu tos lami hampir pareumeun obor turunan oge geuningan kenging sababaraha hikmah diantawisna kapendak serat ti Rd Achmad Kusuma Beilawy ka alo na nyeta aki Oyo putra Uyut Madlamri, ieu hartosna Rd Achmad Kusuma Beilawy sareng Uyut Madlamri teh wargi saturunan tiasa disebat saderek sepupu.

Sakumaha catetan guaran ti anjeunna yen jelas pisan pami nasab ti Eyang Rd Munari mah eta lungsuran ti Menak Limbangan dugi ka Sunan Cipancar malihan jelas nasab ka Sunan Rumenggong kalih ka Prabu Siliwangi alias Sribaduga Maharaja Raja Pakuan Pajajaran.

Rd Munari penghulu limbangan kagungan garwa anu nami Nyi Rd Mantisah anu kawit na ti Tasik. Sakumaha dina catetan guaran nasab anu ti Rd Achmad Kusuma Beilawy yen jelas pami ti pihak istri na Rd Munari mah wiwitan teh ti Dalem Sawidak.

Wiwitan Dalem Sawidak dicarioskeun awit Praboe Brawidjaja Radja Madjapahit I puputra Rd. Ikoeng gelaran Praboe Brawidjaja Madjapahit II, puputra Rd. Brang Tandjoeng gelaran Praboe Brawidjaja Madjapahit III, puputra Praboe Brawidjaja Majapahit IV.

Waktu eta Kerajaan geus pecah sarta geus asup agama Islam, dicarioskeun Praboe Brawidjaja Majapahit IV puputra Rd. Bandan Kadjawan puputra Rd. Amiseni puputra Lemboe Amiloehoer puputra Kiyai Ageng Getaspendawa puputra Kiyai Ageng Sesela puputra Kiyai Ageng Enis puputra Kiyai Ageng Pamanahan alias Kiayi Ageng Mataram puputra Panembahan Senapati Hingalaga Abdoerachman Sajidin Panatagama Soeltan Mataram, puputra Soeltan Seda Karapjak Soeltan Nagri Mataram puputra Soenan Kawasa Djoedjoeloek Soenan Adi Soeltan Mataram, puputra Pangeran Koesoemah Diningrat.

Pangeran Koesoemah Diningrat dicarioskeunna anjeuna ngalih ka Tanah Pasundan nganggo jenengan Toewan Sjach Dagodjawa puputra Sareupeun Tjiboeni Adoeng puputra Kangdjeng Dalem Wiraha, nya anjeuna anu garwaan ka Nji Poenjai Agung putri Dalem Santawaan nu kagoengan Nagara Soekakerta ka I turunan ti Padjadjaran nu geus kasebut di luhur tadi.

Dalem Wiraha puputra Kangdjeng Dalem Wirawangsa. Dina catetan sajarah Kandjeng Dalem Wirawangsa nu geus nulung sarta geus nangkep Dipati Oekoer ponggawa gede di Tanah Ukur (Bandung), sabab geus ngamusuh ka Kandjeng Sinoehoen Mataram. Ku jalaran eta dikurnia ganjaran tambah tanah-tanah, bawahan sarta ra’yat-ra’yatna kabeh dikeunakeun jadi jajahan Soekapura sarta didawuh ngadamel Dajeuh katut karatonna jadi dayeuh Kaboepaten diwuwuh ku Kandjeng Soenan ngaran nagari Soekapoera.

Ti saparantos Kandjeng Dalem Wirawangsa nulung perang tea, ku Kandjeng Soeltan geus kamanah yen eta nagara bener turun tumurun warisan ti Padjadjaran, ku lantaran eta dingaranan Nagri Soekapoera. Harita Kandjeng Dalem Wirawangsa dijungjung jumeneng Boepati ka hiji Soekapoera, gelaran Kandjeng Rd. Tumenggoeng Wiradadaha Soekapoera alias Wiradadaha I.

Bupati Wiradadaha I dimakamkeun di Pasir Baganjing, ku sabab kitu maka anjeunna sering disebut “Dalem Baganjing”. Lami na megang tampuk kabupatian salami 42 taun. Anjeuna kagungan 28 putra/putri nyaeta :

Rd. Wangsadipura
Rd. Kartijasa
Rd. Djajamanggala
Rd. Anggadipa
Rd. Wangsadikusumah
Nyi Rd. Ajoe
Rd. Pranadjaja
Rd. Ardimanggala
Rd. Tjandradipa
Nyi Rd. Doekoeh
Rd. Digajasa
Rd. Wirandana
Rd. Gentoer
Nyi Rd. Katempel
Rd. Anggawangsa
Nyi Rd. Wanadapa
Nyi Rd. Pelang
Nyi Rd. Parnati
Nyi Rd. Adjeng
Rd. Poespawidjaja
Rd. Darmamanggala
Rd. Puspamanggala
Rd. Kartadipa
Rd. Wangsataruna
Nyi Rd. Djampang
Nyi Rd. Purba
Nyi Rd. Sampan
Nyi Rd. Widuri
Jabatan bupati ka dua digentos ku putra anu ka tilu nyeta Rd Djajamanggala alias Dalem Wiradadaha II. Salajengna digentos ku rai na alias putra anu ka opat anu wasta na Rd. Anggadipa anu nganggo jenengan Dalem Wiradadaha III anu katelah na Dalem Sawidak.

Dalem Sawidak kagungan putrana 62 (anoe sok disarebat Dalem Sawidak) nyeta:
1).Rd.Joedanagara
2).Rd.Soetamanggala (Dalem Pamidjahan)
3).Rd.Anggadipa (Dalem Abdoel)
4).Rd.Mandoera
5).Njie Rd.Radji
6).Rd.Soeriadinata
7).Rd.Idranagara
8).Rd.Wangsanagara
9).Rd.Tjandra Koesoemah
10).Rd.Indrataroena
11).Njie Rd.Inpoen
12).Njie Rd.Ibah
13).Njie Rd.Rarap
14).Rd.Ms.Bagoes
15).Njie Rd.Poespa
16).Njie Rd.Winadjeng
17).Rd.Dita
18).Rd.Djiwamanggala
19).Njie Rd.Patradanta
20).Njie Rd.Lengka (legan)
21).Rd.Ardi
22).Njie Rd.Arsabaja
23).Njie Rd.Soetra
24).Rd.Tjandramanggala
25).Njie Rd.betok
26).Njie Rd.Ika
27).Rd.Soemanagara
28).Njie Rd. Adjeng Kraton (Adjeng Koesoemah)
29).Rd.Indrawidjaja
30).Rd.Kartamanggala
31).Njie Rd.Soebang
32).Rd.Wiramanggala
33).Njie Rd.Wiratsari
34).Rd. Abdoel Moehamad Arif
35).Rd.Wiranagara
36).Rd.Tirtataparadja
37).Rd.Martamanggala
38).Njie Rd.Djaliah
39).Rd.Singaparna
40).Njie Rd. Poeranimbang
41).Rd.Radjamanggala
42).Rd.Djagasatroe
43).Rd.Singadimanggala
44).Rd.Daroes (Daroem)
45).Njie Rd.Dewi
46).Njie Rd.Bima
47).Rd.Soeriadimanggala
48).Rd.Kartadinata
49).Rd.Najapoespa
50).Njie Rd.Kasimah
51).Njie Rd.Bodang
52).Rd.Wangsamanggala
53).Rd.Indradinata
54).Rd.Ardimanggala
55).Rd.Tjandradinata
56).Rd.Kartadipa
57).Rd.Bagoes II
58).Rd.Soerajoeda
59).Rd.Djajamanggala
60).Rd.Kartamanggala
61).Rd.Palawatjana
62).Rd.Gandaparadja

Dalem Sawidak alias Wiradadaha III Bupati Sukapura kagungan putra seueurna kana 62 putra putri salasahijina nyeta aya jenengan Dalem Singadimanggala sebagai putra ka 43.

Dalem Singadimanggala kagungan putra nami na Nyi Rd Ayu Salama anu nikah ka Rd Bagus Rosid anu masih saderekna Eyang Rd Munari ti Limbangan tea, lajeng kagungan putra hiji nyeta Rd Hasan Balawi.

Rd Hasan Balawi nikah ka Nyi Rd Gandatia, lajeng kagungan 3 putra nyeta: Raden pameget, Nyi Rd Mantisah sareng Nyi Rd Sanisah.

Nyi Rd Mantisah ditikah ku Rd Munari kagungan 4 putra nyeta:

Rd Abukarim
Rd Jaelani
Rd Bunyamin
Nyi Rd Rasijem
Salajengna Rd Jaelani kagungan 2 putra nyeta: Muhamad Sai alias Madsai sareng anu kaduana mah istri.

Muhamad Sai alias Madsai kagungan putra nyeta Muhamad Abduloh sareng Muhamad Lamri alias Madlamri.

Muhamad Lamri alias Madlamri nikah ka Uyut Uli lajeng kagungan 3 putra nyeta: aki Oyo Hadiwiria, Nini Iyik dan aki guru R Atmasasmita.

R Atnasasmita menikah sama orang Cikelet yang bernama Ny Elom Romlah putra Madnaseh putra Murhalam putra Djaka Rahardja putra Eyang Gandamalati alias Dalem Buni Geulis alias Eyang Pasir Ipis. Dari pernikahannya memiliki 8 orang putra yaitu: Ny Nana Rukmanah, Ny Eem Ema Maemanah, Uta Ahmad Sutari, Hj Eming Sudarmi, Hj Iyoh Sutirah, Hj Idas Daslimah, Ny Jamilah (meninggal saat balita) dan Popo Ahmad Rivai (beda ibu).

Penulis merupakan putra ke 14 dari Ny Nana Rukmanah yang menikah dengan Bapak Udja Sudajemi putra Madsohi putra Muhatam al Dukuhi.

Awit ti Dalem Sawidak puputra Rd Singadimanggala turunan ka 1 puputra Nyi Rd Ayu Salama turunan ka 2 puputra Rd Hasan Belawi turunan ka 3 puputra Nyi Rd Mantisah turunan ka 4 puputra Rd Djaelani turunan ka 5 puputra Muhamad Sa’i alias Madsa’i turunan ka 6 puputra Muhamad Lamri alias Madlamri turunan ka 7 puputra Raudah Atmasasmita turunan ka 8 puputra Ny Nana Rukmanah turunan ka 9 puputra Oos Supyadin turunan ka 10.

Mugia Allah SWT ngahampura oge nangtayungan ka pribados, mugia ieu guaran nasab Madlamri janten petunjuk kanggo urang sadayana kalayan jalan hikmah tur barokah.

Salam,

Penulis, Oos Supyadin

Tinggalkan Balasan