ku : Kang Oos Supyadin, Pamerhati Kasajarahan & Budaya
Dina taun 1549, Sunan Prawata putra Pangeran Trenggana putra Rd Fatah Sultan Demak, ngarupikeun raja kaopat Kasultanan Demak, tiwas ditiwasan ku utusan Arya Penangsang, misanana anu janten Adipati Jipang. Ku Ratu Kalinyamat mendakan Keris Kyai Betok kagungan Sunan Kudus nanceb dina jasad lanceukna éta.
Ku kituna, Pangéran Hadlirin anu janten caroge na Ratu Kalinyamat angkat sasarengan ka Kudus kanggo nyuhunkeun katerangan ka Sunan Kudus anu mangrupakeun pangrojong Arya Penangsang dina pacéngkadan parebutan tahta saatos pupusna Raja Trenggana (1546).
Pangéran Hadlirin sareng Ratu Kalinyamat sumping nungtut kaadilan alatan pupus lanceukna. Sunan Kudus ngajelaskeun yén nalika anom, Sunan Prawata kantos nelasan Pangéran Surowiyoto alias Sekar Seda Lepen, ramana Arya Penangsang, janten wajar upami ayeuna anjeunna kenging walesan anu satimpal. Ratu Kalinyamat kuciwa kana sikep Sunan Kudus. Anjeunna sarta carogéna milih mulang ka Jepara.
Di tengah jalan, maranéhna dikerepuk ku balad Arya Penangsang. Pangéran Kalinyamat alias Pangéran Hadlirin tiwas perlaya ditandasa. Kacaritakeun, anjeunna kantos ngarayap dina taneuh ku sésa-sésa tanagana, sahingga ku pangeusi sakitar, daérah tempat pupusna Pangéran Kalinyamat disebut désa Prambatan. Dumasar carita, salajengna bari nyandak layon Pangéran Kalinyamat, Ratu Kalinyamat neraskeun lalampahan dugi ka hiji walungan. Getih anu kaluar tina layon Pangéran Kalinyamat ngajantenkeun cai walungan warnana wungu, anu satuluyna éta daérah katelah ku nami Kaliwungu. Beuki ka kulon, dina kaayaan lungsé, anjeunna ngalangkungan Pringtulis. Kusabab tina bakating ku lungsé leumpangna dugi ka sosolontodan; moyang-moyong; (sempoyongan), tempat éta ayeuna katelah ku nami Mayong. Satepina di Purwogondo, dingaranan kitu margi di tempat ieu mimiti kaluar bau (gondo) tina layon anu dicandak ku Ratu Kalinyamat, lajeng ngalangkungan Pecangaan dugi ka nepi di Mantingan.
Dina kapercayaan lokal sarta naskah-naskah babad, dicaritakeun yén saatos pupusna Pangéran Kalinyamat, Ratu Kalinyamat ngalaksanakeun tapa di Gunung Danaraja. Anjeunna sumpah moal liren tapa sarta moal nganggo papakéan anu pantes (tapa wuda asinjang rikma alias tapa wuda sinjang rambut) dugi ka Arya Penangsang tiwas. Ieu sumpah téh mangrupakeun simbol tijinna haté sarta perlawanan anjeunna ka pihak anu geus ngarusak tatanan Kasultanan Demak.
Anu janten pertarosan penulis, naha eta Sunan Kudus malah masihan nambutkeu Pusaka Keris Kyai Betok ka Arya Panangsang kanggo nandasan saderek misanna nyeta Sunan Prawoto, padahal eta Sunan Prawoto teh apanan putu Sultan Demak pendiri kerajaan Islam tanah Jawa? Oge dina penjelasan na eta Sunan Kudus ka Ratu Kalinyamat teh geuningan saolah nyatujuan kana balasa dendam dugikeun ka perlayana Sunan Prawoto ku Arya Panangsang ku perantaraanna pusaka milik Sunan Kudus?
Mangga urang sasarengan rusiah sajarah katarlibatan na Sunan Kudus dina peristiwa nu dijelaskeun diluhur dugi kajadianna Tapa Wuda Asinjang Rikma ti Ratu Kalinyamat.
Cag
