Ngagugat Hari JADI Garut

NGAGUGAT HARI JADI GARUT
ku : Kang Oos Supyadin alias Ki Samida Garut

Dinten ayeuna teh geuningan ping 16 Pebruari, sakumaha catatan sejarah pas ninceuk kana 211 taun lawas ka tukang jaman dilantik na RAA Adiwijaya jadi Bupati Limbangan nu panungtung alias Bupati munggaran Garut. Meureunan ieu nu janten cukang lantaran ayana Hari Jadi Garut teh.

Numana ningal kana taun mah ti angkat na RAA Adiwijaya putra Pangeran Surianagara III alias Pangeran Kornel Sumedang janten bupati Limbangan nu terakhir sekaligus bupati Garut anu ngawitan tepat dina ping 16 Peb 1813, mun dietang ka taun ayeuna leres anu ka 211 taun hari jadi Garut.

Nanging, numutkeun panarawangan oge pandangan sajarah memang ieu hari jadi Garut kirang pas da nu sakedahna tiasa ti mangsa diangkat na Prabu Limansanjaya janten Adipati Limbangan ku Sunan Gunung Jati Cirebon atanapi ti kawit bupati ngawitan Limbangan nyeta udeg-udeg na RAA Adiwijaya anu wastana Dalem Nayawangsa.

Jalur silsilahna kieu: RAA Adiwijaya putra Pangeran Surianagara III alias Pangeran Kornel putra Dalem Surianagara II putra Dalem Surianagara I putra Dalem Wangsadita putra Dalem Kudawarsa putra Dalem Nayawangsa.

Dalem Nayawangsa diangkat sebagai Bupati Limbangan yang pertama ( 1660 – 1678 M ) oleh Pangeran Rangga Gempol III Bupati Sumedang ( 1656 – 1705 ).

Kasimpulan:

  1. Alur sajarah Limbangan jadi Garut teu bisa dipisahkeun
  2. Ku sabab Garut tos ka sohor jadi kota santri kusabab seueur na pesantren ti baheula na maka Hari Jadi Garut cocok na ti mangsa Rd Jayakusumah / Panggung Pakuan Wijaya Kusumah /Wijayakusumah II / Adipati Limansenjaya Kusumah atawa nu dikenal nami Sunan Cipancar diangkat jadi Adipati Limbangan ku Susuhunan Kangjeng Gusti Sunan Gunung Jati Cirebon. Nama Limbangan asal tina kata ” imbangan ” nu hartosna imbangan atawa ngimbangan ka Cirebon, Limbangan dipimpin ku Bupati anu jadi wakil Syekh Syarif Hidayatullah / Sunan Gunungjati taun 1552-1570.
  3. Nentukeun hari jadi Garut bisa ngarujuk kana titimangsana Dalem Nayawangsa diangkat sebagai Bupati Limbangan yang pertama ( 1660 – 1678 M ) oleh Pangeran Rangga Gempol III Bupati Sumedang ( 1656 – 1705 ).
Baca Juga  Rakyat Memonitor : CARUT MARUT KPU JABAR

Cag

Tinggalkan Balasan