ditulis ku: Oos Supyadin putu aki guru R Atmasasmita
yayasan-snr.or.id – Para sepuh kapungkur nalika masih aya malihan pun biang nyalira osok nyarioskeun yen aki guru R Atmasasmita teh turunan Dalem Sawidak, pun kitu pun paman mang Uta oge sami ngiatan eta cariosan. Salaku turunan anjeunna hal anu wajar pami pribados dugi kairaha sareng kamana bae oge seja nyucruk nu janten karuhun.
Alhamdulillah, ku ayana WAG Buyut Madlamri salain ti ngaraketkeun silaturahmi anu tos lami hampir pareumeun obor turunan oge geuningan kenging sababaraha hikmah diantawisna kapendak serat ti Rd Achmad Kusuma Beilawy ka alo na nyeta aki Oyo putra Uyut Madlamri, ieu hartosna Rd Achmad Kusuma Beilawy sareng Uyut Madlamri teh wargi saturunan tiasa disebat saderek sepupu.
Sakumaha catetan guaran anjeunna yen jelas pisan pami nasab ti Eyang Rd Munari mah eta lungsuran ti Menak Limbangan nyeta Sunan Cipancar beh dituna Sunan Rumenggong oge Prabu Siliwangi. Sedengkeun pami nasab ti Eyang Istri Nyi Rd Mantisah mah eta lungsuran ti Menak Sukapura nyeta Dalem Sawidak tea.
Rd Munari anu janten penghulu limbangan putra Rd Nurhatim alias Rd Nurul Kosim penghulu Limbangan putra RA Sutamarta putra RA Martasinga putra Sunan Cipancar putra Prabu Hande Limansanjaya putra Prabu Laya Kusumah (ti istrina anu namina Nyi Putri Buniwangi putra Sunan Rumenggong) putra Prabu Siliwangi ti istrina anu nami Ratu Ratnasih Sumedanglarang.
Upami Dalem Sawidak alias Wiradadaha III Bupati Sukapura kagungan putra seueurna kana 60 putra putri salasahijina nyeta aya jenengan Dalem Singgadimanggala.
Dalem Singgadimanggala kagungan putra nami na Nyi Rd Ayu Salama anu nikah ka Rd Bagus Rosid anu masih saderekna Eyang Rd Munari ti Limbangan tea, lajeng kagungan putra hiji nyeta Rd Hasan Balawi.
Rd Hasan Balawi nikah ka Nyi Rd Gandatia, lajeng kagungan 3 putra nyeta: Raden pameget, Nyi Rd Mantisah sareng Nyi Rd Sanisah.
Nyi Rd Mantisah ditikah ku Rd Munari kagungan 4 putra nyeta (tingal deui bagan silsilah):
Rd Abukarim
Rd Jaelani
Rd Bunyamin
Nyi Rd Rasijem
Rd Jaelani kagungan 2 putra nyeta: Muhamad Sai alias Madsai sareng anu kaduana istri.
Muhamad Sai alias Madsai kagungan putra nyeta Muhamad Abduloh sareng Muhamad Lamri alias Madlamri.
Mugia Allah SWT ngahampura oge nangtayungan ka pribados, mugia ieu guaran Nasab Madlamri janten petunjuk kanggo urang sadayana kalayan jalan hikmah tur barokah.
Punten mayunan kasadayana janten teu ngatrog teuing ayeuna dina nulis nasab teh, misal:
Oos Supyadin putra Ma Nana Rukamanah putra aki guru R Atmasasmita putra Uyut Madlamri putra Bao Muhamad Sai putra Eyang Rd Jaelani putra Eyang Nyi Rd Mantisah putra Eyang Rd Hasan Balawi putra Eyang Nyi Rd Ayu Salamah putra Dalem Singgadimanggala putra Dalem Sawidak. Janten pribados katurunan Dalem Sawidak nu ka 11.
Cag… 🙏🏻🙏🏻